2 Samuel 1
Sanggeus Saul pupus, Daud mulih ti pangperangan tas ngelehkeun urang Amalek, cicing di Siklag dua poe.
Isukna, dina katilu poena, aya budak ngora ti pasanggrahan Saul, datang ka Daud terus nyuuh. Bajuna beunang nyosoeh jeung sirahna ditaneuhan nyirikeun keur prihatin.
Ku Daud dipariksa, "Maneh anu ti mana?" Tembalna, "Juragan, abdi teh kabur ti pasanggrahan Israil!"
Saur Daud, "Coba caritakeun kumaha perkarana?" Tembalna, "Balad Israil seueur anu kasambut, sesana kalabur. Raja Saul sareng Yonatan oge kasambut."
Saur Daud, "Geuning maneh nyaho Saul jeung Yonatan kasambut, kumaha?"
Tembalna, "Sumuhun, abdi keur kapareng ka Gunung Gilboa, katingal Saul nuju naleukeum kana tumbakna, diselempek ku pasukan kareta sareng ku pasukan kuda musuh.
Anjeunna ngareret, abdi katingalieun seug disaur. Wangsul abdi, ‘Nun, kaulan!’
Anjeunna mariksakeun abdi saha. Diwangsul yen abdi bangsa Amalek.
Ti dinya saurna, ‘Kami paehan! Pek, da geus euweuh harepan hirup, turug-turug tatu parna.’
Ku abdi ditumutkeun, da teu kitu ge tangtos anjeunna pupus. Harita ge parantos meh geubis. Makutana ku abdi dilaan, kitu deui kilat bahuna. Ieu kasanggakeun."
Wek Daud nyosoeh anggoanana, segruk nangis. Balad oge careurik.
Kitu jeung kitu bae jeung henteu bararang dahar nepi ka burit, nalangsa ku anu geus kasambut di pangperangan tur sakitu lobana: Saul, Yonatan, jeung bangsa Israil, umat PANGERAN.
Geus kitu Daud mariksa deui ka eta budak ngora anu mawa beja, "Saenyana maneh urang mana?" Tembalna, "Urang Amalek, mung ngumbara di nagara Juragan."
Saur Daud, "Teu sieun kasiku maneh ngabinasa raja lisahan PANGERAN?"
Geus kitu anjeunna marentah ka hiji prajurit, saurna, "Paehan ieu jelema!" Bek eta urang Amalek teh dipaehan.
Saur Daud, "Kalapa bijil ti cungap, ieu jelema cilaka ku biwirna sorangan, ngaku maehan raja lisahan PANGERAN."
Geus kitu Daud ngagurit hiji lagu sedih pikeun nangisan Saul jeung Yonatan, putrana.
Laguna diparentahkeun kudu diajarkeun ka urang Yuda. (Ieu lagu kaungel dina Kitab Yasar.)
"Di pasir-pasir di Israil, geus gugur para pamingpin! Para prajurit nu panggagahna perlaya ing dana laga!
Di Gat ulah diembar-embar, di Askelon ulah diuar-uar! Bisi awewe-awewe urang Pelisti barungah, bisi parawan-parawan umat brahala jaligrah.
Di Gilboa tanah-tanah pagunungan sina ngahgar ulah kacakclakan hujan, ulah nyorang kaibunan! Da di dinya ngahunyudna tameng-tameng jalma perkosa, hina papa leungit pangaji, tameng Saul ngagoler geus taya harti.
Gondewa Yonatan matak gimir matak ketir, pedang Saul taya kawatir. Nguwak-ngawik nempuh musuh, nu keuna pinasti rubuh.
Saul, Yonatan, paeh hirup babarengan, estu aheng, matak deudeuh matak heman. Rikat leuwih ti galudra, bedasna leuwih ti singa.
Para wanita Israil ka Saul masing tibelat, ka aranjeun geus makean ku lawon sakelat, geus maparin perhiasan emas permata.
Para prajurit nu gagah wani, enggeus naremahan pati. Satria Yonatan lastari di pasir sepi.
Deudeuh teuing Yonatan, dulur awaking! Kanyaah anjeun teu aya tanding. Kanyaah Akang ka Rayi, langkung ti batan ka istri.
Para prajurit nu panggagahna perlaya ing dana laga, kari pakarangna, geus taya deui gunana."